• Warta
  • Wacana
  • Carita
  • Sajak
  • Cakakak
  • Lalampahan
  • Kisunda
  • Ngumbara
  • Anggota
  • Seratan
  • Warta
  • Wacana
  • Carita
  • Sajak
  • Cakakak
  • Lalampahan
  • Kisunda
  • Ngumbara
  • Anggota
  • Seratan
  • Hayu Nulis
  • Search
  • Warta
  • Wacana
  • Carita
  • Sajak
  • Cakakak
  • Lalampahan
  • Kisunda
  • Ngumbara
  • Anggota
  • Seratan
  • Home
  • Kisunda
  • Kunaon Bet Ngamarusuhan Poe Senen?
Kunaon Bet Ngamarusuhan Poe Senen?

Pepih Nugraha

July 3, 2017
Categories:
  • Kisunda
SHARE THIS PAGE

Kunaon Bet Ngamarusuhan Poe Senen?

Kuduna mah sakabeh poe alus, taya gorengna. Ngan loba sawatara jalma nu ceuceub ka poe Senen. Naon alatanana?

I don’t like Monday!

Kitu ceuk basasan kiwari. Kuring ceuceub kana poe Senen, ceuk pihartieunana. Ngaranna oge make basa Inggeris, ieu babasan teh tangtu lain pituin babasan Sunda, oge lain babasan Indonesia. Naon atuh hartina ieu kalimah? Jang kasaha tumerap jeung dilarapkeunana?

Cikan ku kuring rek dirampaan pihartieunana susuganan karampa. Kunaon atuh baraya bet ceuceub ka poe Senen? Naon salahna poe Senen?

Eta tuda ari ngamimitian gawe teh kapanan poe Senen, ngamimitian tihothat ngahanca pagaewean teh ukur poe Senen, jalanan macet taya papadana iwal ti poe Senen. Kitu piwaloneunana. Beda saratus dalapan puluh darajat jeung poe Saptu atau poe Minggu, poe pikeun urang kumpul riung jeung kulawarga atawa piknik kamana suka. Kutan kitu alatan baraya ceuceub kana poe Senen teh, nya!?

Hampura ah pama kuring boga pamedegan nu beda ti baraya. Kuring mah teu weleh sujud sukur lamun pareng panggih deui jeung poe Senen. Kapanan eta teh tangara yen urang masih keneh dipasihan yuswa ku Mantenna, masih dipaparin kasempetan kanggo kumelip di alam dunya.

Da cacakan lamun Mantenna mundut urang poe ayeuna, mo boa panggih deui jeung poe Senen, mo boa bisa ngumpul deui jeung kulawarga! Atuh saban manggih poe Senen teh kuring mah teu weleh ngucap hamdallah, da mana kitu oge Mantenna masih mercanten kuring pikeun ngalobaan jeung ngerepan ibadah, oge masihan kasempeten pikeun leuwih tutulung ka sasama.

I love Monday! Kuring suka poe Senen!

Kitu kuduna pamadegan teh. Mun baraya micinta lan misuka poe Senen, eta tandana baraya jalma nu bisa sujud sukur ka Ilahi nu masih keneh maparin yuswa. Ku kituna, ulah rek ceuceub ka poe Senen da geuning inyana mah teu salah. Urang bae meureun nu salah, nu tacan tatan-tatan pikeun nyanghareupan pagawean, nu kahayangna nyantai kawas poe Saptu atawa poe Minggu, nu kahayangna leha-leha jeung kulawarga.

Sok ah urang papada boga sikep: I like Monday! Kuring suka poe Senen! Ulah gimir nyanghareupan poe Senen, sabalikna kudu teuneung ludeung nyanghareupanana.

Tags:
  • Palsapah
  • Poe
  • Senen
SHARE THIS PAGE

Pepih Nugraha

Pituin sunda, resep nyunda, dalah ngimpi wae make basa sunda.

Related Posts

  • Koreh-koreh Cok, Palsapah Hayam Nyatu July 4, 2017

Social Connect

Popular Tags

Anak Bapa Basa Belut Betawi Budaya Carita Pondok Carpon Ciawi Cindung Dodol FPI Ganja Implengan Indung Jilbab Kabayan Kahirupan Kulawarga Lalampahan Makassar Mulan Nadoman Ngaji Ngiridit Ngobor Nguseup Nu Gelo Nulis Nu Mulung Palsapah Pamajikan Pangalaman Poe Radio Rakyat Ramadan Rumah Tangga Sawah Senen Sunda Surimin Tasikmalaya Tukang Kiridit Tuyul
  • Categories
  • Hayu Nulis
  • Register

Nyunda.ID | All Rights Reserved | © 2018

Share it on your social network:

Or you can just copy and share this url