
Urang Nyunda We Tibatan Babatawian Mah
Deudeuh teuing basa Sunda kiwari kasilih ku basa deungeun, samalah kadesek ku basa Indonesia jeung basa Betawi.
Aya anggepan sawatara nonoman, cenah mah gunem catur nyunda teh kiwari geus taya ajen, katinggaleun kareta api. “Batur geus norowelang nginggris, hayoh ngadon nyunda… Nya mending ngamalayon atawa babatawian wae atuh, kaciri jelema nyakolana!” Beu… deudeuh teuing nanasiban basa indung sorangan, basa Sunda!
Tapi, da ari kuring mah beda pamadegan. Malah sabalikna. Karasa ajen ningkat mun kuring gunem catur atawa nulis nyunda saperti kieu. Naon sababna? Teuing da rarasan mah basa Sunda mah leuwih gaya we tinimbang basa sejenna. Aya nu ngagul-ngagul basa Perancis lantaran romantis cenah, rada-rada ngirung deuih. Ih, nu sok ngomong ngirung mah kasebutna teh ririwa tea, lain, di mana romantisna? (hehehe… punten ah kanu biasa ngirung ti kudratna).
Naon sababna ajen diri karasa unggah lamun biantara maka basa Sunda di hareupeun balarea? Nya nu jadi cukang lantaranana mah kusabab basa Sunda mah hese, kudu disiplin, kudu merenah, teu babari cara basa sejenna. Upamana bae basa Indonesia. Sok geura mamalayon, karasa gampangna teh da taya undak-usuk basana, estu lempeng wae.
Coba titenan basa Sunda, geuning beunghar pisan ku rupa-rupa aturan tapi matak geunah lamun elmuna geus kataekan (kawas ngelmu kadugalan wae, nya hahaha…).
Teu rek kitu kumaha, kapanan basa Sunda mah mibanda rupa-rupa undak-usuk, aya basa pikeun kolot, pikeun ka sasama nu loma, pikeun budak, pikeun orok, samalah mah aya basa pikeun sato, lin?
Inget kana basa sato, kuring mah sok pirajeunan nyungsi basa pikeun sato teh ngarah apal. Manahoreng mangpaat pisan geuning eta basa sato teh pikeun ngedalkeun amarah atawa angkara. Geura we titinan pimaksudeun ie kalimah, “Montong kiih di dinya siah!” Atawa, “Gawe teh ngan nyatu jeung hees wae, anggur mah neangan gawe ka ditu, kehed siah!”
Inget ka jenatna pun bapa nu tos taya dikieuna, estu nyarios atawa biantarana teh merenah pisan. Tong boro biantara resmi di hareupeun balarea, da cacakan dina kahirupan sapopoe oge eta basa Sunda nu merenah teh teu weleh dilarapkeun. Atuh kuring sabisa-bisa narjamahkeun sorangan naon pihartieunana.
Tapi da lila-lila mah mo burung kaharti we sorangan. Padahal, harita kuring keur balaka hideng. Contona pun bapa remen nyarios kieu, “Ari nanaon teh kudah diutah dibeuweung ngarah omongan teu nyararugak!” Atawa dina hiji mangsa anjeunna nyarios, “Ulah sok ngemu kasusah, anggur mah utahkeun wae ngarah kaharti kasang tukangna!”
Ku remenne nguping pun bapa nyarios Sunda nu merenah tea, atuh lila-lila mah kuring teh kapangaruhan oge. Katambah-tambah kuring mah ti bubudak oge geus katelah “kutu buku”, buku salomari wae mah beak dihanca sabulaneun sugan. Bari ngojay di Ciherang oge teu sirik mamawa buku dongeng, utamana “Budak Teuneung” yasana Samsudi. Pogot pisan, nepi ka aya opat balikan macana. Carpon Ahmad Bakri na Mangle oge diremus, kawas macan lapar.
Lila-lila mah teu ngan saukur nakon atawa gunem catur nyunda, dalah nulis carita maka basa Sunda oge geus bisa ti wanci kuring nincak kelas genep sakola dasar oge. Nincak sakola menengah, atuh karangan kuring rabul na Mangle, boh na rohangan Pangalaman Para Mitra atawa carita pondok rumaja.
Satuluyna basa kuring laki-rabi turta boga budak dua, keukeuh peuteukeuh kuring maksa ngarah barudak di imah bisa nyarita Sunda. Nya alhamdulillah sanajan rada maksa oge geuning kaala hasil jeung mangpaatna. Si cikal nu umurna geus 17 jalan jeung si bungsu nu umurna nincak lima taun teh lancar pisan basa Sundana, kawilang merenah deuih sanajan taya guru basa Sunda ti sakola, kapanan sakolana di lingkungan nu teu diajarkeun basa Sunda tea.
Ari nu jadi cukang lantaran kasedih na diri, eta we di sawatara tempat geus suwung ku basa Sunda. Barudak di Bandung atawa di lembur sorangan, Tasikmalaya, teu weleh ngamalayon unggal poe. Na kamana indung-bapana ieu teh? Na teu ngawarah anak-anakna nyarita Sunda kitu? Kumaha lamun loba nu mikirna cara kieu, “Keun we ah da engke ge basa Sunda mah bisa sorangan!?”
Nya teu bisa kitu. Lamun di imah indung-bapana nyarita basa Indonesia, nya barudakna teh biasa make basa Indonesia. Cenah engke ge di lingkungan bisa sorangan, nya teu bisa kitu. Kumaha lamun babaturanana oge papada ngamalayon? Beu… bati ngaran wungkul basa Sunda teh engke mah, lila-lila mah punah boa.
Tah, ku catetan pondok na ieu kasempetan, kuring pribadi meredih ka sakumna kolot nu masih bisa keneh nyarita Sunda, hayu urang papada ngalarapkeun basa indung teh sapopoe di imah, nyaeta basa Sunda. Insya Allah, dina waktuna barudak bakal ngarti jeung bakal milu naon-naon nu ku urang diucapkeun.
Cenah teu saluyu jeung “nasionalisme” nu kudu “berbahasa satu bahasa Indonesia”, ih… beda deui urusanana eta mah. Ayeuna mah hayu urang larapkan basa Sunda di imah sewang-sewang, urang nyunda wae.
Cag ah.
***