
Diajar Ngiridit di Pangumbaraan
Teu kudu gengsi jadi tukang kiridit barang, kapanan nanaon ge ayeuna mah taya nu teu dikiridit.
Waktu lebaran nu kaliwat, kuring sakulawarga reujeung dulur-dulur, silaturahmi ka Ua Yoyoh di Cipacing. Ayeuna mah Ua Yoyoh teh geus almarhumah. Aya meureun dalapan kiloan anggangna ti imah kolot kuring di Tanjakan Cangkudu, Ciawi Tasikmalaya. Ari Ua Odin, carogena Ua Yoyoh, geus meh lima taunna teu awas alatan katarak, oge geus tilar dunya. Tah, harita kuring tepung jeung Kang Apid, putra pun ua tea.
“Kang Apid mah asa angger wae, awet ngora,” cekeng teh. Walonna, “Enya ari kaayaan mah siga nu ngora, tapi dompet payah, kapanan buntut Akang mah aya lima,” kitu cenah.
“Ih kudu sujud syukur atuh, Kang, eta rejeki salima-lima,” ceuk kuring. “Balikanan kuring ngan boga hiji-hijina, si Kakang.”
Sanajan kuring rada loma kasebutna, tapi hubungan kuring jeung Kang Apid kaitung raket. Beda jeung paman-paman kuring ti pihak pun bapak. Komo jeung Kang Apid mah kuring pernah ngalaman hirup mo kapopohokeun, nyaeta basa kuring diajak ngiridit ku inyana.
Harita taun 1975, kuring keur kelas opat SD harita teh. Ari Kang Apid geus ngumbara ka Jakarta da pakasabanana kana ngiridit. Tukang kiridit, ceuk babasan mah. Ari kuring ka Jakarta sok pareng dina catur wulan. Pere dua minggu teh sok dimangpaatkeun pikeun liburan ka pun Emak, nini ti pihak pun biang, nu duanana tos almarhumah.
Pareng mun ka Jakarta, kuring sok ngahaja menta dipangjajapkeun ka Gang TSS, Kampung Duri, di Jakarta Barat, tempat Kang Apid jeung paman-paman ngontrak di ieu wewengkon. Teuing aya keneh atawa geus raib eta wewengkon teh kiwara mah.
Miang jeung Kang Apid teh sanggeus solat subuh, digubrag-gabreg. Kalacat kana sapedah. Kuring dibonceng ku Kang Apid. Dina sapedah rambeuy ku dagangan. Kang Apid meuli barang ti tauke, tulus dikiriditkeun nepi ka nikel aya tilu nepi ka lima kali.
Teu kuring mah teu gengsi, harita mah resep nu aya we dibawa ngiridit nepi ka Pasar Ikan di Jakarta Utara. Kira-kira jam dalapan, kuring diajak nyarap ku Kang Apid. Inget keneh jeung lauk laut cabe beureum lada pisan. Malah nginumna oge kopi susu. Ni’mat pisan.
Pabeubeurang, kuring nepi ka Pluit nu harita mah keur diwangun. Aya tukang ci tiwu, kuring dipangmeulikeun deui, nepi ka datang ka imah di Gang TSS teh bada Magrib. Jang kuring mah diajak ngiridit ku Kang Apid teh hiji pangalaman nu luar biasa, nu mo kapopohokeun.
Ka beh dieukeun, aya meureun taun 1987-an, Kang Apid balik ka lembur. Cenah mah ngiridit teu kaharti, mending nyawah di lembur. Oge di tipu ku jalma saliwatan nu mesen barang loba pisan, tapi isukanana pareng ditagih teh geus pindah. Harianeun.
Ayeuna Kang Apid geus di lembur. Pareng basa kuring pamitan, Kang Apid ngaharewos, “Amang mah resep batminton, cing pangmeserkeun reket nu rada hade ti Jakarta jangen badminton.”
Nya ku kuring ditedunan eta pamundut Kang Apid teh, tuda pangaresepna kana badminton. Ari kana ngiridit, kalan-kalan sok jadi “hinaan” balarea, cenah mah tukang kiridit mah lolobana ti Tasik, salah sahiji wewengkonna nya ti Ciawi. Nya teu kudu ditolak di kitu kaayanana.
Ka beh dieunakeun malah teu kasigeung deui pama aya nu nyebut kuring mah tukang kiridit alatan dumuk di Tasik. Keun we ah, kapanan ayeuna mah ngiriditkeun barang teh keur jadi model ekonomi anu pangampuhna jeung disuka balarea. Coba ti mimiti gedong sigrong jeung mobil mewah kapanan ayeuna mah dikiridit, langka aya nu mayar kontan.
Na bet kudu gengsi jadi tukang kiridit, teu kudu hengsi jadi urang Tasik, lin?
***