
Untuk Ciawi dan Sekitarnya, Tibanya Buka…..
Sora Pak Kumis nu ngumumkeun saatna buka puasa has pisan, karungu wae sanajan inyana geus taya di kieuna.
Urang Ciawi Tasikmalaya mah mo bireuk deui kana kakocapan, “Untuk Ciawi dan sekitarnya, tibanya buka puasa…” Sora nu dipancarkeun ti Radio Buana Jaya nu stasiunna mernah di Sukamantri, unggal nyanghareupan buka puasa. Nu boga sora taya lian ti Pa “Kumis” Oman Saputra. Sawatara taun ka tukang inyana tos tilar dunya.
Sorana has pisan, rada beurat jeung jero. Ti saprak balaka hideng tug tepi kawiri kuring apal pisan kana eta kakocapan teh, kocap nu dianti-anti ku sakumna umat Islam Ciawi jeung sabudeuranana unggal nyanghareupan buka puasa. Keur urang Ciawi, Rajapolah, Pagerageung, Panumbangan atawa Malangbong mah geus hiji kabiasaan nyetel Radio Buana Jaya nungguan sora Pa “Kumis” ngajomantara di udara make basa Indonesia.
Samalah memehna eta kakocapan, sok dipiheulaan ku babasan, “Waktu telah menunjukkan pukul lima lebih empatpuluh tujuhmenit, untuk Ciawi dan sekitarnya, tibanya buka puasa…” Jedur-jedur dipairan ku sora bedug badag ti kaum (masjid) Ciawi nu diperekpek ku merebot. Ngong muadzin ngumandangkeun adzan. Tuh, poho we rek ngajelaskeun, yen Radio Buana Jaya teh geus biasa nyiarkeun langsung sora Pa “Kumis” ti kaum Ciawi nu pernahna di alun-alun, aya meureun anggangna sakilometeran mah ti stasiun Radio Buana Jaya.
Basa ngamimitian puasa Ramadhan 1428 Hijriyah di Ciawi, sapuluh taun nu ka tukang, kuring nyetel Radio Buana Jaya nu ayeuna geus ngudara dina gelombang FM, tapi hamo kapanggih. Kapanggih ari gelombangna mah, ngan nu teu kapanggih teh sora khasna Pa “Kumis” Oman Saputra tea. “Kamana, nya?” Takon kuring ka pun Bapa. “Duka atuh nya da tara nguping deui,” ceuk Bapa.
Alah, boa-boa… Duh, meun seug Pa “Kumis” geus taya dikieuna teh Ciawi bakal kaleungitan hiji kahasanana, cirina, sanajan ciri nu maneuh ngan saban puasa wungkul. Tapi basa kuring mudik ka Ciawi, pitilupoeeun deui ka lebaran, kuring nanya deui ka Bapa nu ayeuna geus taya di kieuna, naha Pa “Kumis” masih aya dikieuna. Jawab Bapa, “Aya, kamari-kamari mah geus ngudara deui di Radio Buana Jaya cara sabihara bihari, teu ngudara soteh garwana teu damang nepi ka nerasna.”
Geuning Pa “Kumis” teh masih aya dikieuna, Alhamdulillah, sanajan meureun ayeuna-ayeuna teh masih keneh kapapatenan ditinggal neras ku garwana. Innalillahi…. Eta tuda tada teuing urang Ciawi jeung sabudeuranana kaleungitan sora khas Pa “Kumis” saban nyanghareupan buka puasa.
Pikeun urang Ciawi mah Pa “Kumis” teh moal bireuk deui. Ari wastana nu asli mah nyaeta Oman Saputra tea. Ari Pa “Kumis” mah ngan saukur lalandian wungkul, merek dagang ti dituna mah. Naha Pa “Kumis” jualan naon kitu? Teu juul-jual nanaon. Ari pakasaban sapopoe Pa “Kumis” teh tukang cukur.
Inyana boga barbershop di Kaum Kidul, Ciawi. Eta barbershop ku inyana dingaranan Pa “Kumis” Oman Saputra. Pedah eta Pa Oman mah boga kumis nu naplok badag sagede hileud daun cara Stalin. Memang hade tur gagah deuih. Da cacakan lamun teu boga kumis nu hade mah kasebutna lain Pa “Kumis” deui.
Pinter Pa “Kumis” mah, kecap “Kumis” ku inyana dijadikeun merek dagang nu paten, soalna teu ngan ukur inyana wungkul nu jadi tukang cukur di Ciawi teh. Aya deui Mang Ipi, nu ayeuna geus jadi lurah di Pakemitan. Basa kuring SD ari ngalanggan mah sok ka Mang Ipi wae, cukup ku 50 perak pikeun budak mah. Ari Pa “Kumis” mah tarif nyukur budak ge diharegaan tilu atawa opat kali lipet ti Mang Ipi.
Memang dan ngan Pa “Kumis” wungkul hiji-hijina tukang cukur nu ti jaman tai kotok dilebuan geus ngiklankeun diri di Radio Buana Jaya, ti mimiti taun 1970-an. Eta we nu karekam ku uteuk kuring, aya hiji lagu pupujian basa Sunda nu dinyanyikeunana teuing ku saha. Tapi Ku Pa Oman eta sair pupujian ka Pangeran teh diubah jeung dipapantes.
Kieu sairna: “Muji sukur ka Pangeran nu Ageung Kawasa…” Lah poho deui bait satuluyna. Tapi Ku Pa “Kumis” dirobah jadi kieu: “Mun dicukur ka Mang Oman nu ageung kumisna, jalan kaum kidul Ciawi Tasikmalaya”.
Cag heula ah. Tah geuning geus kadenge sora Pa “Kumis” ti Radio Buana Jaya. Tetela masih aya dikieuna geuning Pa “Kumis teh. “Waktu telah menunjukkan pukul lima lebih empat puluh tujuh menit, untuk Ciawi dan sekitarnya, tibanya buka puasa…”
***