
Mabok Dodol Ganja
Tong boro sagede peureup orok, dalah sagede letah ekek oge dahar dodol ganja mah matak sirah muter baluweng.
Pareng mun kuring inget kana ieu kajadian, sok pirajeunan hayang seuri sorangan. Ari kajadianana mah geus lawas, aya kurang lewih lima taun katukangna, basa kuring masih keneh dines di Makassar. Kieu geura caritana…
Di kantor, kuring dibaturan ku dua OB alias office boy, nyaeta Ihwan jeung Bausad. Oge aya tilua wartawan. Salian ti kuring, Aya Luki Aulia, Renny Sri Ayu Taslim, jeung Ucu Martanto. Ari pasipatan Ihwan jeung Bausad, bedana jauh tanah ka langit. Ihwan mah koloteun, hideng, jeung junun kana pagawean. Sabalikna Bausad, malum ngora keneh pisan, kalan-kalan sok bubudakeun, polahna pikalucueun, tapi ari kana pagawean mah sarua papada tanggung jawab.
Dina hija mangsa, wanci pecad sawed, kuring hihitaran di tepas kantor bari diajar lalaguan Makassar jeung Bugis. Ari lagu Makassar nu dipakeresep ku kuring nyaeta “Bangkena Cini”, “Ati Raja”, “Rambang Rambang”, jeung “Subang Kacayya”. Walah, loba geuning.
Ari lagu Bugis nu ku kuring diapalkeun nyaeta “Saraloe”, “Sajang Rennu”, “Indo Logo”, jeung “Bulu Aluana Tempe”. Sabenerna loba keneh pisan. Ari kuring boga pamadegan, dimana wae kuring dumuk, kudu tunduk kana adabiada di dinya. Kuring neuleuman hate warga Makassar jeung Bugis kujalan gaul jeung para seniman di dinya, diajar lalaguanana.
Balik deui ka Bausad. Pareng basa Bausad datang, inyana ujug-ujug sujud ngagabrug suku kuring. Atuh kuring reuwas kaliwat saking. “Aya naon, Bausad?” ceuk kuring. Rumasa da lain bapana nu teu kudu disujudan kawas kitu.
Ret kana pasemonna, pias taya bandingna. Nya bisa kasebut bandingna mah pias kawas nu tiwas. Sorana ngageter, teu pati jentre. Teg weh kuring ngarasa, pastina oge Bausad teh mabok pel koplo atawa sabangsa arak. Wah mun kieu kajadianana, kuring bisa lapor ka Jakarta. “Ari maneh ku naon, Bausad?” takon kuring.
“Anu, Pa… pikiran kuring kumalayang, awak asa teu napak, tetempoan asa teu pararuguh… geura we basa nempo Pa Ihwan ngaliwat, bet aya sapuluhna Pa Ihwan ngajajar bari arucang angge. Pas basa nempo Mbak Luki, manehna kawas ngejebengan. Kunaon ieu abdi, Pa?” walonna malik nanya, tangtuna make basa Indonesia logat has Makassar.
“Ari Bausad pangna kieu teh mikarep naon? Nelen pel koplo atawa nginum arak maneh teh?”
“Paralun ampun, Pa, henteu!”
“Nyanggeus kunaon atuh?”
“Rumaos neda dodol candakna Mbak Luki ti Aceh nu disimpen di kulkas!”
“Astagfirullah, Bausad….”
Palebah dieu mah kuring teu wasa nahan seuri, ngabarakatak wae saharita keneh, teu malire Bausad nu masih nyuuh na suku. Sanajan diangkat oge, tetep inyana sujud. Kuring kakara ngarti… Bausad, Bausad…. untung maneh teu tiwas oge.
Ari nu didahar ku Bausad teh lain dodol sadodol-dodolna. Lain dodol garut, tapi dodol aceh!
Kieu caritana pangna eta dodol “samanea” teh aya na kulkas. Basa Luki balik tugas ti Aceh, inyana mawa oleh-oleh dodol. Singhoreng lain sadodol-dodolna, tapi dodol ganja nu di Aceh mah geus kawentar pisan. Luki mawa sabungkus plastik saukuran dampal leungeun jalma sawawa.
Ku inyana dibagi deui jadi dalapan gelempeng jadi sagede jempol nu panjangna kurang leuwih tujuh senti. Ari sakuduna sagelempeng teh dibagi-bagi deui jadi wewelasan siki nepi ka sagedi-gede kancing jas. Tah, sakuduna mah nu didahar teh ulah leuwih ti sakitu, ulah leuwih ti sagede kancing jas.
Eta we basa peuting saacanna kuring ngasaan dodol aceh tea, kuring ngadon nyawang bulan jeung babaturan di basisir Losari bari ngopi tur garunem catur. Pareng basa cengkat, kuring teu ajeg nangtung malah dadaligdegan kawas nu mabok. Basa nempo bulan purnama nu beureum, katembong eta bulan teh siga gugupay, nyampeurkeun, samalah mah siga ngajak imut sagala. Tetela pangaruh ganja!
Untungna harita Pa Kiblat Said, babaturan kuring surti, inyana nyangkeng kuring dibawa kana mobil. Kuring mah geus teu wasa nyupiran harita oge, mobil dibawa ku babataran. Tetela kuring mabok kieu teh alatan pangaruh dodol ganja ti aceh, oleh-oleh Luki tea. Padahal ngan dahar segede kancing jas.
Ti dinya mah kuring ngabarakatak seuri nempo polah Bausad nu geus salin jinis jadi jalma teu waras. Manehna ketempo bingung basa kuring seuri saseuri-seurina. “Aeh, geuning Bapa mah kalah ka gumujeng?” ceuk manehna.
“Da teu kuat nahan seuri,” walon kuring. “Untung maneh teu paeh atawa kapaehan oge Bausad!”
“Na kunaon kitu? Na naon lepat abdi?”
“Dodol! Maneh geus ngadahar dodol ganja ti aceh saloba-loba. Dodol nu sakuduna keur duapuluh urangeun hayoh dihanca ku sorangan!”
“Aduh, kurang ajar pisan tah Si Luki!” Bausad mimiti surti. Tara-tara ti sasari manehna ngarasula nyebut wartawan “kurang ajar”. Nya ku kuring ditempas.
“Maneh nu kuduna mah tatanya heula,” ceuk kuring, laen pedah ngabela sasama wartawan. “Hayoh ayeuna geura pariksa ka dokter bisi kumaonam!”
Bausad mundur ti kuring kalayan leumpangna masih gagaleoangan. Lar Pa Ihwan ngaliwat, manehna dumadakan seuri siga nu ngaledek, seuri nu ngeunah pisan. Renny anu pituin Makassar mah langsung ka wc da “klepna” bocor alatan seuri ngeunah pisan nepi ka nyenyekel udel.
Sup Luki anu kakara rengse liputan, manehna siga nu bingung nempo polah Bausad nu kawas macan teu nangan. Basa ku kuring dicaritakeun ka Luki naon kajadianana, manehna ngagorowok caran tarzan bikang, “Masa Allah Bausad, dodol teh tacan disiksik deui ku kuring, eta teh jangeun duapuluh urangeun.”
Isukna kasorenakeun kuring nampa surat ti bojona Bausad, netelakeun yen Bausad gering teu ngarareunah awak. Cenah mah sarena tibra naker leuwih ti 24 jam can hudang-hudang. Kuniang hudang soteh lamun hanaang. Cenah mah deui manehna embung ka dokter da sieun dipariksa ci kiih, sieun tuluy dibawa pulisi da tetela awakna ngandung ganja. Nya kuring we nu mere izin ka Bausad sangkan istirahat heula, da kuring ngarasa kakara sagede letah ekek wa eta dodol teh matak ngaleumpeuhkeun utek.
Aya meureun kana tilu poena Bausad teu asup gawe gara-gara dodol aceh oleh-oleh Luki.
Bausad, Bausad…. boloho teh dibeakeun ku sorangan!
***