
Miara Ucing
Sanajan sato, ari geus jadi piaraan di imah mah teu weleh we aya kanyaah. Eta ti dituna mah sajiwa tea meureun.
Senyana kuring mah teu resep ka sabangsaning ucing. Bisa disebut geuleuh we. Komo ka beh dieukeun mah sanggeus kuring ngarti yen dina diri ucing sagemblengna, ti hulu nepi ka kuku, cenah mah ngandung mangrewu-rewu panyakit.
Nyaan basa boga batur sakantor nu gabug, geus meh sakitu taun tacan boga anak, cenah mah basa dipariksa dokter aya pirus nu nyayang dina pianakeunana. Tokso, cenah. Ih, matak gimir! Atuh basa pun anak, Si Kakang, jeung indungna wakca hayang ngukut ucing, ku kuring teu ieuh ditolih. “Loba mudaratna,” cek kuring saliwatan.
Tapi eta indung jeung anak ku keukeh hayang ngukut ucing siga nu babadamian. Antukna kuring serah bongkokan kana pamenta indung-budak. Aya jalanna mah da meureun geus diimpleng saacanna. Nyaeta ucing Angora nu buluna kulawu atawa cek basa Indonesiana mah “abu-abu” tea. Alus cenah mah, tapi da saalusna ucing ari teu suka mah dalah kudu dikumaha. Geuleuh mah geuleuh we.
Eta kajadian geus meh aya sakitu taunna. Ucing Angora satuluyuna dingarannan “Grey” teh meunang pamere ti dulurna Si Kakang di Bandung. Buluna jabrig, matana coklat. Basa dibawa ti Bandung ka Jakartakeun, Si Grey roronjagan, ngoetan sagala rupa, teu kalis jok oge diroedan. Setres ti dituna mah. Nya da harita mah can meuli karanjang pikeun manehna. Antukna sina cicing we na luhureun salon mobil di tukang, handapan kaca tukang.
Pareng dumuk di Jakarta, Si Grey mah kahayangna kaluar wae. Ari ku Si Kakang dikerem dina kandangna nu ngahaja dipangmeulikeun pikeun manehna. Basa kuring nyaho kudu meuli kadaharanana unggal minggu, kuring mah teu sirik istigfar. Eta geura pilakadar parab ucing mani mangratus-ratus rebu! Bari jeung geus pasti kudu meuli ungal minggu atawa unggal bulan, gumantung kana ukuranana. Beu, kaya kieu mah bakal wowotan!
Tapi kulantaran pun anak, Si Kakang, oge indungna, nu hayang miara ucing, nya kuring nurut we sanajan ceuceub mah angger aya. Maksudna mah ceuceub ka ucing.
Ka beh dieukeun Si Kakang ngukut deui ucing hiji. Pulas hideng meles kawas hayam camani. Nya kuring deui we nu riweuh teh, malum da beunang mulung ucing ti jarian. Uak-eok neangan indungna, tuluy ku Si Kakang diampihan. Di bere susu. Tapi kulantaran leutik keneh pisan, keur mah meureun telat dibere susuna atawa tacan bisa nyedot susu, kakara lima poe oge eta ucing teh paeh. Atuh basa Si Kakang rek miang sakola manehna nyarita dareuda, “Ayah, Si Noir maot.”
Emh, singhoreng teu ngabibisani tah pun anak resep ka ucing teh, lain bobodoan. Nya ku kuring diapehan. “Sanes milikna Si Noir we, Kang. Sabar, nya!”
Ka beh dieukeun, Si Kakang meunang deui ucing, pulasna sarua hideung, cenah mah beunang mere ti tatangga. Ku kuring tetep dingaranan “Noir” (baca “noar”), padah eta buluna meles hideung. Kapanan dina basa Perancis mah hideung teh “noir”. Si Grey oge lain make basa Inggris, tapi basa Perancis. Satuluyna Si Noir nambah baturna hiji deui, ayeuna mah bodas nyacas kawas halimun teungah poe atawa kawas salju nu pernah ku kuring karampa basa tugas ka Finlandia, pas meneran usum salju turun. Nya dingaranana we Si Neige.
Ari “neige” hartina “salju”, keukeuh make basa Perancis. Lain “blanc” nu hartina bodas, tapi kana rurupaan salju nu pulas bodas. Hartina ucing teh nambahan, aya si Grey, Noir, jeung Neige. Si Noir jeung Neige mah ucing kampung, malah si Neige mah gawena teh kokoer na wadah runtah. Enya naek kelas soteh pedah geus diingu ku Si Kakang.
Siga nu tacan puas ku tilu ucing, Si Kakang nambahan deui ucing sejenna, nu satuluyna ku Si Kakang di ngaranna Poka jeung Langlang, dua ucing kampung. Nambah deui hiji, tapi eta mah cenah ucing kampung nu sok miluan dahar. Tapi lila-limah bet dumuk oge di imah. Atuh ayeuna teh di imah aya lima ucing kampung, ditambah Si Grey jeung si Jolie, dua ucing Angora.
Aeh, enya poho, kaliwatan cumarita ngeunaan Si Jolie. Manehna teh ucing Angora, sarua jeung si Grey. Ngan buluna bodas alus pisan kawas sutra, leuwih bodas batan salju. Ari matana hejo kawas siki kacang polong. Jabrig, alus pisan. Ku kuring dingaranna Si Jolie, nu hartina “geulis” dina basa Perancisna mah. Tapi Si Kakang jeung indungna sok nyoledatkeun ngaranna jadi “Jolieta” anu maksudna mah “jelita”, nu sarua ngandung harti “geulis” pikeun awewe. Enya kapanan Si Jolie teh bikang.
Jadi weh aya tujuh ucingna di imah teh. Dua ucing Angora, nyaeta Si Grey jeung Si Jolie, lima ucing kampung nu ngaranna sewang-sewang Noir, Neige, Poka Langlang, jeung hiji deui tanpa ngaran.
Pareng tadi isuk, basa kuring hudang, Si Noir nu paling mantangul jeung nerewelang, uang-eong lapar hayang dahar. Mun cek jelema tea mah hanaang. Kuniang kuring hudang da Bi Amah nu sok biasa maraban ucing kampung teh menta idin nyelang heula balik ka lemburna di Ciawi, salembur jeung kuring. Aya sangu na rais kuker (rice cooker) sapiring urut kamari, tapi masih panas keneh. Tuluy aya lauk laut dua, nu hiji ku kuring direndos jeung sangu tadi. Basa peuting kamari kuring mah dahar di luar, di warung kaki lima masakan Jepang. Jadi teu dahar di imah, nu matak sanguna nyesa sapiring deui.
Geuleuh-geuleuh ge ka ucing, ari uak-eok kitu mah menta dahar, sok ras ka kuring sorangan. Kapan ari lapar mah teu sirikna hayang gogorowokan cara ucing, bedana jelema mah biasa ihtiar sorangan. Ari ucing? Kapanan satapa-tapa diparaban ku nu miara.
Kari-kari nu sok biasa maraban miang ka lembur. Ari Dani, nu sok maturan Si Kakang, tugasna ngumbah mobil kuring jeung mobil pamajikan. Kitu unggal poe gawena, jadi teu waka bisa maraban ucing satujuh-tujuh. Keun ari Si Grey jeung Si Jolie mah da tempatna oge di luhur, aya parab husus pikeun maranehana.
Pareng basa maraban ucing kampung salima-lima iinguan pun anak, pikiran mah kumalayang ka mangsa 46 taun ka tukang. Basa kuring keur umur lima atawa genep taun, basa pun bapa jeung pun biang ngontrak keneh di bumina pun aki di kebon suuk, kuring ge kungsi miara ucing sadua-dua, sanajan beda waktu. Nu hiji ku indung kuring ucing teh dingaranna Si Royal. Pedah eta basa kakara miara aya Royal Sirkeus maen di alun-alun Dadaha di Tasikmalaya. Nya di ngaranna “Si Royal”.
Tapi ka beh dieukeun eta ucing pulas bulu hiris teh paeh kalayan getih ngocor tina paranakanana. Meureun mun caran ayeuna mah Si Royal teh keuna ku AIDS, da eta sok gaul bebas, sagabrug jeung ucing jalu lianna, gunta-ganti jalu, nu antukna paehna oge baloboran geutih. Nu hiji deui, ucing gaganti si Royal, leungit taya dikeuna sanajan ku kuring dipapay-papay oge.
Aeh, geuning baheula ge kuring kungsi resep ka ucing, kungsi miara sadua-dua. Nu matak geuleuh-geuleuh oge ieu hate leeh kawas lilin kapanasan. Bari nagog sawatara ucing balakecrakan, kuring ngimpleng ka mangsa ka tukang, basa kuring maraban si Royal atawa basa pupuy-papay neangan ucing hiji deui nu leungit, nu can kungsi dingaranan.
***