
Nadoman, Lalaguan di Pangajian
Keur umur nu disebut "golden age" mah naon wae bisa kaapalkeun kalayan gancang nerapna.
Cenah mah nincak umur opat nepi ka dalapan taun teh kasebutna “mangsa-mangsa emas”, keur meumeujeuhna seukeut naker ieu utek pikeun dipake ngapalkeun. Lir kamera pideo, naon nu diapalkeun jeung dibayangkeun, plek napel sapuratina dina wangun kertas poto atawa gambar pideo.
Hiji hal nu ku kuring karandapan, hiji mangsa nu ku kuring moal kapopohokeun, yen kuring oge kungsi ngalaman “mangsa-mangsa emas” tea. Kieu geura caritana.
Taun 1972 kuring mimiti tolabul ilmi di SD Ciawi I Tasikmalaya. Rada elat almarhumah pun biang nyakolakeun kuring, dalapan taun! Dua taun, ti mimiti taun 1970-1971, kuring sakola di TK BKOW.
Ari nu jadi “kepala sekolah” harita Ibu Ipik. Kelas hiji kuring mimiti diajar baca-tulis, guruna Ibu Diah. Samalah mah Ibu Diah mah ngajar kuring teh kelas 1 nepi ka kelas 2. Cag heula ieu carita sual SD Ciami I Tasikmalaya urang tunda heula, hayu balik deui kana carita “mangsa-mangsa emas” nu ku kuring kaalaman.
Kunaon pangna kuring yakin boga eta-eta mangsa? Sabab nepi ka kiwari, teu sirikna 50 taun nu geus kaliwat, kuring masih inget keneh mampu nitenan atawa ngimpleng sagala rupa pangalaman, samalah pangalaman basa kuring keur umur dua taun oge kuring masih inget pisan, kawas aya kamera pideo wae dina utek kuring teh. Parulun, lain nyombongkeun diri demi ningkatkeun gengsi. Ieu mah sajujurna.
Salah sahijinana kuring masih keneh bisa ngahariring nadoman nu kungsi diapalkeun mangsa kuring kelas hiji SD, nyaeta waktu taun 1972 tea. Ari nadoman teh nyaeta sabangsa pupujian nu murwakanti, anu eusina aya tumalina atawa patula-talina jeung atikan ajaran agama, utamana ajaran agama Islam. Kabeneran kuring ngagem agama Islam, da geus ti lahirna mula.
Tah harita teh aya maulid Nabi. Ari kuring diajar ngaji jeung solat teh ku Pa Irad, di masigit leutik. Pa Irad teh naib atawa lebe anu purah ngawinkeun. Mantenna lain pituin urang Ciawi. Dedeganana sembada, jangkung badag, sanajan geus kolot oge. Ku mantenna pisan kuring mimiti diajar alipbata jeung rusiah solat kalayan jeung babacaanana.
Pareng basa maulid nabi, kuring dibere nadoman, pupujian pikeun Kangjeng Nabi Muhammad, anu kudu diapalkeun dina waktu saminggu. Ari teksna mangrupa ketikan karbon hideung nu geus teu acas da meureun rangkeupanana loba teuing.
Potokopi mangsa harita mah tacan aya. Salian ti kudu ngapalkeun na uteuk, kuring kudu ngahariring nadoman na panggung, ngajajar jeung babaturan. Ari judul nadomanana nyaeta “Nabi Urang Sarerea”. Kieu geura bait demi bait sairna. Upama aya salah-salahna, nya hampura we.
Nabi Urang Sarerea
1. Nabi urang sarerea, Kangjeng Nabi anu mulya, Muhammad jenenganana, Arab Kures nya bangsana
2. Ramana Sayid Abdullah, Ibuna Siti Aminah, Dibabarkeunna di Mekah, Wengi Senen taun Gajah
3. Siti Aminah misaur, Waktos babarna kacatur, Ningal cahya mani ngempur, Di bumina hurung mancur
4. Babar taya kokotoran, Orok tos kenging nyepitan, Soca lir kenging nyipatan, Sarta harum seuseungitan
5. Ari bilangan taunna, Lima ratus cariosna, Tujuh puluh panambahna, Sareng sahuji punjulna
6. Medal Nabi ahir jaman, Pirang-pirang kaanehan, Sesembahan bangsa setan, Kabeh pada raruksakan
Tah kitu unina ieu nadoman. Upama aya kasalahan atawa kurang bener susunan atawa pitempateunana bait demi bait, nya menta dipangmenerkeun wae, susuganan saderek aya nu uninga.
***