
Titip Anaking Pama Dipundut Kunu Kawasa
Umur rusiah Pangeran, mo aya nu nyaho kapan urang geletuk dipundut Mantenna, nu nyesa kari kahadeanana.
Dupi salira sapamadegan kitu sareng kuring dina mayunan ieu kahirupan? Kieu maksud teh, sakapeung sok ngimpleng sorangan mun keur manggih kabagjaan jeung kulawarga, boh jeung pun anak atawa bojo. Kalan-kalan siliocon, silieleketek, malah siliperang bantal sagala di enggon. Kawas taya kasusah.
Sakapeung mun keur balakecrakan dahar, boh di imah atawa di restoran, sok ret ka pun anak, Si Kakang, nu umurna nincak 11 harita mah, anak mahal da ngan hiji-hijina.
Deudeuh teuing, naha kuring bakal saterusna bisa ngurus Si kakang kitu, ngajujurkeun manehna nepi ka sawawana, miangkeun manehna nepi ka panggih jeung kahirupanana? Aeh, naha teu gugur teu angin kuring bet ngalantur kamalinaan, mikir nu lain-lain?
Paralun ampun, lain aya kereteg hate pikeun ninggalkeun Si Kakang jeung indungna! Ampun manglaksa-laksa ampun. Kuring mah ngimpleng kitu teh upama geletuk isuk pageto dipundut kunu Kagungan, kapanan geus teu bisa ngajeujeuhkeun deui Si Kakang. Teuing kumaha tah nasibna pun anak teh mun kuring geus taya dikieuna.
Enya memang aya indungna, tapi kapanan nu ngala pangapujiwa teh kuring, da bojo mah sakadar teu cicingeun wae di imah digawe teh. Deudeuh teuing Si Kasep mun kuring geus taya dikieuna!
Atuh ari ngado’a satutasna solat teh sok pirajeunan carindakdak, henteu ari nginghak mah. Cimata ngembeng na biwir panon. Si Kakang mah anggur ngahunjur, dikeukeupan ku indungna, dina simbut anu kandel tur haneut, teu nyaho katugenah bapana.
Bener, kuring nyiar kipayah atawa pangupajiwa teu sirikna suku dijieun hulu hulu dijieun suku, kapanan jangeun nyumpunan kahirupan kulawarga. Harita umur geus nyedek 44, genep taun deui noel satengah abad. Ya Alloh, mugi Anjeun maparin abdi yuswa supados tiasa nyacapkeun itu kanyaah kanu janten beulahan jiwa.
Meureun mun ieu nyawa leupas tina raga, boa aya nu haat rek jajap ka pajaratan sagala. Basa taneuh beureum muruluk mimiti nuruban padung, mendem jasad kuring na liang kubur, boa di luhur mah pun anak, Si Kakang, keur gogoaran nyalukan bapana, kuring tea. “Ayah, ulah ngantunkeun Kakang… Ayah, Kakang ngiring…!!!” Deudeuh teuing, anaking…
Astagfirullah hal adziem, naha ieu ngalamun teh bet kamalinaan, naha implengan teh bet linghas kawas macan saminggu teu kararaban kijang? Astagfitullah…
Tapi da sanajan kitu, hiji waktu mah ieu adegan rekaan nu ngan kumalayang na jero pipikiran teh bakal kajadian, bakal karandapan, ngan waktuna nu masih jadi rusiah Ilahi. Boh karandapan ku kuring, boh karandapan ku salira, dulur-dulur sadayana.
Punten sanes maksad nyuatan manah nu tos gudawang alatan saha nu terang kajantena ieu teh parantos karandapan atanapi kaalaman ku salira. Kapanan teu kinteun sedihna dikantun ku jalmi nu pangdipikanyaahna. Hampura, taya maksud nyuat-nyuat pangalaman nu matak nurihan hate. Oge taya pamaksudan pikeun nyingsieunan anjeun. Ieu implengan teh bener-bener sok parajeunan nganjang ka kuring.
Meungpeung aya dikieuna, hayu urang cacapkeun ieu kanyaah; kanyaah nu jadi bapa ka anak, kanyaah nu jadi indung ka anak, atawa kanyaah nu jadi anak ka kolot, ti ayeuna mula. Da geuning upami isuk pageto urang dipundut ku Mantenna, urang mah teu daya teu upaya.
Harta jeung banda nu sakitu dipusti jeung dipuja-pujana, ngan tinggal kalangkang da rek ngaragap oge kapanan geus teu wasa upama urang geus dumuk di alam kalanggengan mah. Hayu atuh urang cacapkeun kasono, cacapkeun kanyaah, urang silitulungan, urang siliharegaan ka sasama, sumawonna ku kulawarga mah. Cag.
***