
Nyalenggor Tina Pasualan Utama
Kajadian nu dipanggungkeun, kitu cenah ngarah pasualan mutahir kabanting ku isu anyar nu ngahaja diciptakeun.
Kuring mah matak taak mikiran kahayang balarea nu kasawang dina laku lampah media massa jeung mahasiswa. Teuing kuring nu bodo teu bisa neuleuman hate balarea. Geura we upama aya ka teu panuju, hayoh demo ka istana, demo di kampus, demo di mamana. Atuh media ngarojong kana ketagna mahasiswa jeung rahayat nu nyorakeun ka teu panuju. Kapanan waktu aya ka teu panuju kana unggahna harega BBM, tuluy demo siga aing nu pangbenerna.
Nya memang geus sakuduna kitu, kapanan lamun mahasiswana cicingeun bati cacingeun mah lan taya kagadag, rek kumaha jadina ieu nagri. Tapi naha ketagna mahasiswa jeung rahayat dumadakan melempem kawas kapas kacaian?
Singhoreng media, rahayat jeung mahasiswa gampang pisan disalenggorkeun tina pasualan utama nu keur papada disanghareupan. Isu BBM nu handaruan nepi ka janapriya, dumadakan pareum alatan aya isu nu leuwih panas, isu nu leuwih seksi ceuk barudak kiwari mah, nyaeta isu FPI, isu gegedugna Rizieq Shihab.
Ari FPI teh nyaeta Front Pembela Islam, hiji kumpulan balarea nu ngadeg taun 1998, waktu pamarentah mere lolongkrang balarea pikeun ngadegkeun laskar partikelir. Malum, da pamarentah nu diwakilan ku soldadu siga nu ripuh teu wasa mareuman prahara “Mei 1998”.
Tah basa mipelingan lahirna Pancasila 1 Juni 2008, cenah mah FPI nyerang kumpulan balarea nu di antarana panuju kana Ahmadiyah. Ari FPI keukeuh meredih Ahmadiyah dipaksa bubar da cenah geus ngaku-ngaku Islam.
Ah, kuring mah mo rek ngabahas pasualan naha Ahmadiyah Islam atau lain Islam, naha ketag FPI teh bener atawa salah. Lain. Kuring mah sakadar ngageuing, naha isu pamadegan gampang pisan nyalenggor, nyalenggor tina isu BBM jadi isu FPI, isu Munarman jeung sajabana. Ari isu BBM na kamana? Padahal undakna harega BBM lin nu matak susahna balarea teh?
Tinangtu nu matak bungah ati mah pamarentah, Presiden jeung palamantrina, oge jeung para pakacarna. Atuda rahayat anu sakitu ambek jeung keuheulna kana kaputusan pamerentah ngundakkeun harega BBM, hayoh dumadakan sirna lir bensin kapanasan. Pamwrantah biantara ka balarea sual FPIm, sual Rizieq Shihab. Juruwarta mun panggih jeung para pakacar presiden lain nanya sual nerekelna hahargaan, tapi sual FPI, sual Rizieq Shibab. Kaum cendekia pon kitu deui.
Kuring nu pernah ngajalankeun propesi “kulimangsi” sok ngageuing ka sobat sorangan nu kabeneran keur nyekel jabatan, kade ulah mopohokeun isu kakiwarian (update), ulah mopohokeun kasusah rahayat. Enya, naon punjulna atuh kuring, ngan sakadar manusa biasa, sementawis ari kahayang balarea mah kapanan isu nu pangpanas-panasnya, isu nu matak narik ati.
Antukna kuring ngan ngaheruk wae. Haharegaan sagala undak. Meuli bensin saliterna kudu Rp 9.800 da teu meunang meuli premium. Sagala susah. Sapuluh taun nu kaliwat kakara kuring manggihan jeung ngalaman mangsa-mangsa susah nu lain dikieuna, ti mimiti antri BBM, antri gas, antri beas, jeung antri-antri sejenna. Ayeuna mah rada saleuheung.
Boa pamerentah mah di Istana keur papada pesta salusurakan da ngarasa meunang perang, balakecrakan bari mongtolol-tololkeun ka rahayatna sorangan, bongan gampang disalenggorkeun.
Tapi salaku rahayat biasa, nya percaya we kana naon nu rek diupayakeun pamarentah ayeuna. Nu penting mah sandang, pangan, papan pikeun rahayat cukup, bari tetep dibere lolongkrang kabebasan ngajalankeun demokrasi supaya rahayat teu diteken deui saperti zaman Orde Baru.
***