
Sarimin, Potret Susahna Kahirupan Kota
Sanajan ngan saukur tukang mulung barang rongsokan, jalma saperti Surimin tetep kudu diajenan.
Surimin lain sasaha, ngan saukur tukang mulung. Inyana estu hiji tina manglaksa-laksa jalma nu ngaheurinan kota Jakarta. Umurna nincak lima puluh taun. Tapi lain sual umur atawa Surimin pribadi nu bakal dicaritakeun di ieu rohangan, tapi pasualan teuasna hirup di Ibukota Jakarta.
Tanggal 6 Juni 2017 nu anyar kaliwat, Surimin nyieun warta alatan awakna tikusruk kana liang nu bungangang di hiji trotoar di Jalan Cideng Barat, Jakarta Pusat. Di handap rotoar aya “gorong-gorong” atawa kuluwung pikeun ngalirkeun cai. Ti dituna mah aya rante beusi nu ngulapes kana kuluwung.
Enya kapanan rante beusi teh rezeki jang manehna mah. Kitu ceuk Unggul, perwira piket Suku Dinas Penanggulangan Kebakaran dan Penyelamatan Jakarta Pusat, Unggul. Tapi barang rante beusi dikait, teuing kumaha caritana ujug-ujug awakna nincak trotoar nu bungangang tea. Atuh awakna tiporos. Pareng rek diangkat ka luhur, awakna teu bisa diangkat alatan liang na trotoar teu cukup jangen manehna unggah.
Upama ngilikan foto hasil karya Command Centre Damkar, kaayaan Surimin matak pikawatireun. Tangtuna awakna barared basa diangkat, nu jadi sual lantara awakna kacepet ku besi nu nyararugak na trotoar. Nya ku Tim Damkar oge awak Surimin bisa diangkat teh. Perlu satengah jam jang nyalametkeun Surimin.
Salian ti potret borokna kota di mana loba trotoar nu marolongo alatan teu kaurus atawa tacan kasiwer ku nu boga kawenang, dina hal ieu suku dinas tata kota atawa Damkar, Surimin potret hiji manusia nu keur nyoba-nyoba ngigelan nasib.
Di kota metropolitan kawas Jakarta mah, mun teu boga kaparigelan atawa teu boga modal jang usaha, nya jadi tukang pulung panggampangna. Estu mawa diri wungkul we jeung tanaga, kawas Surimin, katambah ulah aya kaera. Da mun ngagugulung ka era mah beuteung moal kararaban sangu.
Mangrewu-rewu Surimin nyiar kipayah koreh-koreh cok di ieu Ibukota. Kumaha urang nu leuwih boga ajen ti batan nu mulung? Sakuduna urang manjatkeun puji jeung sukur ka Ilahi nu mana Mantenna tos maparin rezeki. Da cacakan upama nasib dibalikkeun saperti roda padati, urang can tangtu siap kawas Surimin. Nu matak, hayu urang siliajenan ka sasama manusia, wa bil husus ka jalma samodel Surimin.
***