• Warta
  • Wacana
  • Carita
  • Sajak
  • Cakakak
  • Lalampahan
  • Kisunda
  • Ngumbara
  • Anggota
  • Seratan
  • Warta
  • Wacana
  • Carita
  • Sajak
  • Cakakak
  • Lalampahan
  • Kisunda
  • Ngumbara
  • Anggota
  • Seratan
  • Hayu Nulis
  • Search
  • Warta
  • Wacana
  • Carita
  • Sajak
  • Cakakak
  • Lalampahan
  • Kisunda
  • Ngumbara
  • Anggota
  • Seratan
  • Home
  • Kisunda
  • Hayu Urang Nulis Basa Buhun Sarerea di Nyunda.id!
Hayu Urang Nulis Basa Buhun Sarerea di Nyunda.id!

Pepih Nugraha

December 13, 2018
Categories:
  • Kisunda
SHARE THIS PAGE

Saestuna geus lila pisan aya kereteg hate, neundeun kahayang pikeun gura-giru midangkeun ieu rohangan. Ngan mendag mayong wae alatan ngarasa tacan rengse, tacan sapuratina. Tapi lamun diengke-engke nganti sampurnana ieu “web”, rek nganti nepi ka iraha, kaburu kaleled jaman manten.

Nya lain kapaksa, dalah sakadar hayang geura ngumpulkeun balarea nu punjul dina basa buhun urang sarerea, basa Sunda, utamana nu resep tulas-tulis. Ari sim kuring nu boga alpukahna ngarasa, “situs” atawa blog basa Sunda teh arang keneh pisan, kasilih ku basa nasional, malah kababad ku basa deungeun. Padahal nu boga jeung nu nulisna pituin Sunda.

Ari kuring kasebutna Sunda pituin. Keur rumaja atawa keur jadi nonoman mah sok pirajeunan nulis na Majalah Mangle atawa Giwangkara. Ka beh dituna keun Majalah Gondewa. Tapi ari kuring mah ngan semet maca wungkul Gondewa atawa Kudjang teh teu nepi ka nulis da can bisa, masih keur tolab elmu di sakola dasar keneh harita teh. Tapi mangsa ka beh dieunakeun, kuring mimiti nulis dina Mangle. Keur mangsa rumaja tea.

Teuing kumaha tah nanasiban Mangle, majalah hiji-hijina nu make basa Sunda sadunya kiwari. Teu kanyahoan naha masih keneh midang dina wanda citak atawa sakadar midang saayana dina wangun Internet.

Ari ieu “web” ku kuring dingaranan “Nyunda” nu imahna di Nyunda.id. Ieu “web” teh kawas media sosial sejenna, di mana salira tiasa ngadamel akun nyalira sarta tiasa nulis di ieu “web rereongan”. Aya sabaraha rohangan pikeun nulis, boh nulis Warta (berita), Wacana (opini), Carita (fiksi), Ngumbara (carita ti pangumbaraan), Cakakak (bobodoran), jeung sajabana.

Nya ari ideuna mah tina Kompasiana.com nu ku kuring kungsi diwangun turta nepi ka jadi gede kawas kiwari. Ngan bedana Kompasiana mah make basa Indonesia, Nyunda.id mah make basa Sunda.

Jadi, moal aya caritana urang Sunda nulis make basa Indonesia di ieu “web”, wajib kudu make basa Sunda.

Ku kituna ka palamitra sadaya, hayu urang ramekeun ieu web ku seratan-seratan atanapi artikel nu mangpaat keur balarea. Urang Sunda di mana wae ayana, ti Sabang nepi ka Merauke, atawa urang Sunda nu keur ngumbara di mancanagara, ieu “web” teh bisa dijadikeun wadah katineung pikeun ngeunteung ka Tatar Sunda nu paanggang, lemah urang sarerea.

Mung nya kitu tea, seratan nu tos dikintunkeun (publish) teu tiasa langsung midang, namung nyangsang heula di CMS (meja) Rumpaka sateuacanna dipidangkeun.

Sumangga diantos!

***

Pepih Nugraha, Rumpaka.

 

Tags:
  • Basa Sunda
  • Budaya
  • Nulis
SHARE THIS PAGE

Pepih Nugraha

Pituin sunda, resep nyunda, dalah ngimpi wae make basa sunda.

Related Posts

  • Nyiar Kipayah Ku Jalan Nulis December 16, 2018
    Urang Nyunda We Tibatan Babatawian Mah July 3, 2017

Social Connect

Popular Tags

Anak Bapa Basa Belut Betawi Budaya Carita Pondok Carpon Ciawi Cindung Dodol FPI Ganja Implengan Indung Jilbab Kabayan Kahirupan Kulawarga Lalampahan Makassar Mulan Nadoman Ngaji Ngiridit Ngobor Nguseup Nu Gelo Nulis Nu Mulung Palsapah Pamajikan Pangalaman Poe Radio Rakyat Ramadan Rumah Tangga Sawah Senen Sunda Surimin Tasikmalaya Tukang Kiridit Tuyul
  • Categories
  • Hayu Nulis
  • Register

Nyunda.ID | All Rights Reserved | © 2018

Share it on your social network:

Or you can just copy and share this url