
Bagea Ki Sunda
lawas teu cumarita ku basa andika
sabab letah beurat ngucapkeunana
sabab biwir lir dirapet ku geutah katuna
sabab lengkah kasengker ku jaregjegna pager nu hamo bisa jauh lunta
sabab uyah kidul ngajungkiring loba pamenta
gegerbeas 14/12/2018