
Nyiar Kipayah Ku Jalan Nulis
Baheula mah teu kapikir sabuku curuk ge yen nulis teh bisa dijadikeun kacapangan pikeun kahirupan. Mo enya tina nulis bisa hirup, kitu kasarna mah. Tapi dalah dikumaha ku kuring kaalaman sorangan yen nulis teh kahirupan eta sorangan.
Neuleuman mangsa-mangsa ka tukang keur resep-resepna nulis, boh implengan atawa carita rekaan, da asa teu kapikir bisa hirup tina nulis. Enya kapanan kaalaman ku sorangan yen narima honor tina hasil tulas-tulis mah teu “sabaraha”, gumantung kana mediana. Upama koran Kompas mah meureun geus bisa mere honorarieum nu gede. Tapi koran sejenna mah can tangtu sagede kitu.
Ongkohna mah kapanan teu unggal tulisan bisa kapidangkeun na koran atawa majalah da lain kuring sorangan nu ngirim naskah teh, puluhan atawa bisa oge ratusan naskah, padahal nu bisa kapidangkeun ngan kaitung ku ramo.
Tapi ka beh dieunakeun, nulis teh ngan ukur nulis carpon atawa nulis implengan (opini), bisa oge jadi “kuli sabak” alias jadi wartawan. Tah, pagawean sapopoe wartawan kapanan nulis.
Kakara yakin yen nulis bisa dijadikeun kacapangan pikeun nanjeurkeun kahirupan. Teu saeutik wartawan nu moyan bisa jadi direktur, boga pausahaan sorangan, samalah aya nu jadi duta besar sagala. Nu jadi mantri oge loba.
Tapi nu nu karasa ku kuring, aya hal penting nu ngabedakeun wartawan jeung kacapangan sejenna nyaeta unsur pangaresep di jerona. Kasebutna, nulis mah pangaresep lain pagawean. Pangeresep nu ngadatangkeun kipayah, teu beda jeung ngajalankeun pagawean.
Antukna, nulis mah asa teu karasa gawe, sakadar ngajalankeun pangaresep. Eta ceuk pamadegan kuring.
Alhamdulillah, salila 26 taun kuring jadi wartawan koran Kompas kuring mah ngarasa ngan sakadar ngajalankeun pangaresep, lain milampah pagawean.
Cag ah.
***